Jumat, 14 Desember 2012

Ngarobah Wangun Wawancara Jadi Mangrupa Biografi


TUGAS BASA SUNDA

NGAROBAH WANGUN WAWANCARA JADI MANGRUPA BIOGRAFI









Oleh
DINI ISLAMIANA & SITI MARDIYANTI
XI IPA B



 SMA NEGERI 5 BOGOR
JALAN MANUNGGAL NO.22 BOGOR 



WAWANCARA

Wasta : - DINI ISLAMIANA
              - SITI MARDIYANTI
Kelas : XI IPA B
Narasumber : Dra. Syafarida Yuliawati



Dini & Siti      : “Assalammualaikum,bu”
Narasumber : “Wa’alaikumsalam”
Dini                : “Punten bu tiasa nyungkeun waktosna sakedap, abdi sareng réréncangan gaduh  pancen
                         ti guru Basa Sunda kanggo ngawawancara. Manawi ibu kersa di wawancara ?
Narasumber : “Ehm wawancara nya néng , muhun mangga”
Siti                 : “Punten upami jenengan ibu téh saha ?”
Narasumber : “Jenengan ibu teh Syafarida Yuliarti , biasa dipanggilna Bu Yuli”
Dini                : “Upami tempat sareng tanggal lahir ibu téh dimana?”
Narasumber : “Ibu téh dilahirkeun di Bogor tanggal 25 Juni 1964”
Dini                : “Punten bu , upami nami caroge ibu teh saha?”
Narasumber : “Nami carogé ibu Bapa Sungkawa Tewa Antadiredja, SP”
Siti                 : “Upami riwayat atikan ibu téh dimana waé bu ?”
Narasumber : “ Ibu namatkeun atikan dina SMPN 4 Bogor taun 1979 , sareng SMAN 1 Bogor tina taun
                         1983.
Dini                : “Ibu téh nempuh atikan guru dimana mana bu?”
Narasumber : “Ibu kuliah di IKIP Bandung , lulus taun 1987 . Lamun ayeuna mah IKIP Bandung téh
                         namina geus dirobah , jadi UPI “
Siti                 : “Oh kitu bu , dupi ibu préstasi naon waé nu pernah ibu raih sawaktos masih sakola?
Narasumber : “Teu loba néng , nu pang ibu inget mah , ibu pernah milu lomba maca puisi tingkat SMA
                              sa-kota Bogor . Alhamdulillah ibu meunang juara 1. Tapi pas kuliah mah , ibu leuwih
                              sering milu kagiatan organisasi di bidang atikan . Contona program ngentaskeun buta
                              hurup di kalangan budak jalanan . Ti éta , ibu sareng réréncangan meunang
panghargaan ti pamaréntah .
Dini                : “Janten guru téh mangrupakeun cita-cita ibu ti leutik nya bu?”
Narasumber : “Heunteu néng, waktos ibu leutik mah hayangnya janten pramugari atawa dokter .
Tapi sanggeus lulus SMA mah ibu hayang janten guru”
Siti                 : “Kunaon ibu téh hayang janten guru?”
Narasumber : “Kusabab waktos ibu di SMA téh , ibu diajar ku guru Matématika nu alus pisan cara
                             ngajarna , jadi siswa-siswi téh hampang ngartos ka palajaran anu ditepikeun ,
nilai barudak gé aralus lamun diajar ku anjeunna . Ibu téh ngidolakeun pisan ka bu guru éta téh, jadi ibu
hayang janten guru kos anjeunna . Disamping éta , guru téh pacabakan anu mulia.
Dini                     : “Teras dimana sareng iraha ibu mimiti janten guru téh?”
Narasumber      : “Ibu janten guru ti taun 1987 di Bogor”
Siti                      : “Kumaha riwayat pacabakan ibu ti lulus kuliah?”
Narasumber     : “Ti taun 1987 nepi ka taun 1994 ibu ngajar di SMPN 2 Bogor , taun 1995 nepi ka 2002 ngajar di SMA PGRI 3 , tapi ti taun 2003 nepi ka ayeuna ibu ngajar SMA 1 Tamansari Kabupatén Bogor.
Dini                    : Dupi ibu ngajar naon di sakola ibu ayeuna?”
Narasumber     : “Abdi ngajar IPA , hususna Fisika jeung Kimia . Tapi ibu ngan ngajar kelas 12 , pikeun persiapan UN”
Siti                     : “Kumaha cara ngajar ibu ambéh prosés balajar téh dipikaresep ku murid-murid?”
Narasumber      : “Kudu aya interaksi antara guru jeung murid , salaku guru , ibu kudu deket jeung sahaté ka murid-murid téh , ngadangukeun naon waé nu jadi masalah dina prosés balajar , teras méré solusina . Narima saran ngeunaan cara ngajar ibu sakedahna . Lamun aya murid nu ngalakukeun kasalahan , guru téh kudu méré naséhat tanpa méré hukuman nu beurat”
Dini                     : “Aya teu pacabakan ibu nu séjén salian janten guru?”
Narasumber     : “Aya , salian janten guru , ibu ogé usaha wiraswasta nyieun karajinan kembang hias ti limbah daun jeung kulit jagong” 
Siti                      : “Ti taun baraha ibu téh ngajalankeun usaha éta?”
Narasumber        : “Kinten-kinten taun 1995 néng , ibu mimiti ngajalankeun usaha éta”
Dini                     : “Naon waé kauntungan ngajalankeun usaha téh bu?”
Narasumber       : “Kauntunganana mah , urang teh bisa mandiri , teu ngandalkeun gaji ti pamaréntah waé , salian éta bisa nambahkeun béaya kaperluan sapopoé , sareng nambahkeun béaya kaperluan sakola barudak”
Siti                      : “Upami susah senengna janten guru bu?”
Narasumber       : “Senengna mah , urang bisa méré élmu nu aya mangpaatna pikeun kamajuan generasi muda ayeuna , ningali murid-murid nu diajar jadi palinter téh mangrupa kapuasan batin pikeun ibu . Susahna mah fasilitas tina pamaréntah di bidang atikan téh terbatas , teu acan kacukupan . Contona fasilitas di SMA tempat ibu ngajar  , sarana jeung prasarana ti pamaréntah teu acan cukup  , masih loba nu kudu dilereskeun“
Dini                     : “ Kumaha cara ibu ngabagi waktos antara ngajar , usaha , sareng ngurus rumahtangga?”
Narasumber     : “Urang kudu pinter ngabagi waktos antara ngajar di sakola , usaha , sareng ngurus rumahtangga . Ibu ngajar di sakola ti tabuh 7.30 nepi ka tabuh 3 soré . Sateuacan jeung sanggeus ngajar di sakolah ibu sapinuhna ngurus barudak jeung rumahtangga . Upami usaha mah , ibu sareng ibu-ibu tatangga biasa ngumpul saban poé Ahad .
Siti                    : “Aya teu pesen ibu pikeun murid-murid SMA ambéh giat balajar jeung sumanget ngahontal cita-cita?”
Narasumber     : “ Siswa siswi SMA téh kudu mampuh nyanghareupan zaman ayeuna dimana téknologi jeung élmu sains nu cepet pisan perkembanganana . Urang kudu bisa ngimbangan tangtangan global éta jeung giat nimba élmu . Salian éta , sanggeus lulus ti sakola , ulah peunggas harepan lamun teu aya lapangan pagawéan , urang kudu kréatip jeung inovatip nyiptakeun usaha sorangan , ulang miharep ka lapangan pagawéan nu beuki saeutik waé.
Dini&Siti         : “Hatur nuhun kana waktosna bu , mugi-mugi wawancara ieu aya mangpaatna hususna pikeun urang salaku siswi SMA . Wassalamu’alaikum bu.
Narasumber       : “Muhun sami-sami néng , waalaikumsalam”



BIOGRAFI
Dra. Syafarida Yuliawati

               Dra.Syafarida Yuliawati anu katelahna Bu Yuli dilahirkeun di Bogor, Jawa Kulon dina tanggal 25 Juni 1964 . Bu Yuli namatkeun atikan dina SMPN 4 Bogor taun 1979 , sareng SMAN 1 Bogor dina taun  1983 . Anjeunna narima gelar sarjana bidang atikan dina taun 1987 di IKIP Bandung nu ayeuna disebat UPI (Universitas Pendidikan Indonesia).
                 Bu Yuli ayeuna geus nikah sareng Bapa Sungkawa Tewa Antadiredja.
             Dina hal préstasi , Bu Yuli kungsi milu lomba maca puisi tingkat SMA sa-kota Bogor jeung meunang juara kahiji . Waktos kuliah di IKIP Bandung , anjeunna leuwih sering milu kagiatan organisasi di bidang atikan . Contona program ngentaskeun buta hurup di kalangan budak jalanan . Ti éta , anjeunna sareng réréncangan meunang panghargaan ti pamaréntah .
               Ti lleutik , cita-cita bu Yuli téh hayang janten pramugari atawa dokter , tapi sanggeus lulus SMA , bu Yuli boga niat janten guru. Kusabab waktos anjeunna di SMA téh , Bu Yuli diajar ku guru Matématika nu alus pisan cara ngajarna , jadi siswa-siswi téh hampang ngartos ka palajaran anu ditepikeun . Bu Yuli téh ngidolakeun pisan ka bu guru éta téh , jadi Bu Yuli boga niat janten guru kawas anjeunna . Disamping éta , guru téh pacabakan anu mulia.
              Dina hal pacabakan , Bu Yuli ti taun 1987 nepi ka taun 1994 kungsi ngajar di SMPN 2 Bogor , taun 1995 nepi ka 2002 ngajar di SMA PGRI 3 , ti taun 2003 nepi ka ayeuna Bu Yuli ngajar di SMA 1 Tamansari Kabupatén Bogor. Di SMA 1 Tamansari , anjeunna ngajar IPA , hususna Fisika jeung Kimia pikeun kelas 12 nu rék nyanghareupan Ujian Nasional (UN).
              Ceuk bu Yuli téh , cara ngajar ambéh prosés pangajaran jadi pikareuseupeun nyaéta kudu aya interaksi antara guru jeung murid . Salaku guru , urang kudu deukeut jeung sahaté ka murid-murid téh , ngadangukeun naon waé nu jadi masalah dina prosés balajar , teras méré solusina . Narima saran ngeunaan cara ngajar urang sakedahna . Lamun aya murid nu ngalakukeun kasalahan , guru téh kudu méré naséhat tanpa méré hukuman nu beurat.
              Salian janten guru , Bu Yuli ogé gaduh usaha wiraswasta nyieun karajinan kembang hias ti limbah daun jeung kulit jagong sareng ibu-ibu di RTna. Kauntunganana ngajalankeun usaha ieu nyaéta , urang bisa mandiri , teu ngandalkeun gaji ti pamaréntah waé , salian éta bisa nambahkeun béaya kaperluan sapopoé , sareng nambahkeun béaya kaperluan sakola barudak.
              Lamun susah senengna janten guru , ceuk Bu Yuli téh senengna janten guru , urang bisa méré élmu nu aya mangpaatna pikeun kamajuan generasi muda ayeuna , ningali murid-murid nu diajar jadi palinter téh mangrupa kapuasan batin pikeun anjeunna . Susahna mah fasilitas tina pamaréntah di bidang atikan téh terbatas , teu acan kacukupan . Contona fasilitas di SMA tempat anjeunna ngajar  , sarana jeung prasarana ti pamaréntah teu acan cukup  , masih loba nu kudu dikumplitkeun.
              Bu Yuli kudu bisa ngabagi waktos antara ngajar di sakola , usaha , sareng ngurus rumahtangga . Anjeunna ngajar di sakola ti tabuh 7.30 nepi ka tabuh 3 soré . Sateuacan jeung sanggeus ngajar di sakolah Bu Yuli sapinuhna ngurus barudak jeung rumahtangga . Upami usaha mah , Bu Yuli sareng ibu-ibu tatangga biasa ngumpul saban poé Ahad.
              Pesen bu Yuli salaku guru nyaéta siswa siswi SMA téh kudu mampuh nyanghareupan zaman ayeuna dimana téknologi jeung élmu sains nu cepet pisan perkembanganana . Urang kudu bisa ngimbangan tangtangan global éta jeung giat nimba élmu . Salian éta , sanggeus lulus ti sakola , ulah peunggas harepan lamun teu aya lapangan pagawéan , urang kudu kréatip jeung inovatip nyiptakeun usaha sorangan , ulang miharep ka lapangan pagawéan nu beuki saeutik waé.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar